Ceunah, Sajarah Sunda teh kakurangan pisan bahan, pangpangna
anu mangrupa prasasti. Anehna deui, aya oge prasastina bororaah dibahas,
disebut-sebut ge tara. Entong teuing nu awam kana sajarah, dalah anu aya
kasebutna guru sajarah umumna mah teu tarerangeun, yen di urang aya sumber
sajarah anu disebut Prasasti Gegerhanjuang.
Kalantar Geus Meh Saabad
Prasasti Gegerhanjuang teh asalna ti
lereng Gunung galunggung, tepatnya di bukit atawa di Pasir Gegerhanjuang atawa
di Kabuyutan Linggawangi (kiwari nu katelah desa Linggawangi, Kecamatan
Leuwisari, Kabupaten Tasikmalaya). Ayeuna prasastina aya di Museum Pusat
Jakarta dinomeran D 26. Nepi ka kiwari kakara saurang anu nyoba-nyoba maca
jeung napsirkeun ieu prasasti, nyaeta K.F. Holle. Artikelna dimuat dina majalah
TBG XXIV taun 1877 kaca 586-588, dijudulan “Beschreven Steen uit De Afdeeling
Tasikmalaya Residentie Preanger”.
Ayeuna geus taun 1975 (red. taun wkt
Alm. Kang Saleh nulis ieu sajarah). Alhasil geus saabad kurang dua taun karya
Holle teh pada ngantep teu ditaruluykeun. Bisa jadi sabagian mah dilantarankeun
ku mental bangsa urang anu ngarasa cukup ngandelkeun hasil panalungtikan para
sarjana Walanda bae. Kituna teu bari jeung sakalian “percaya mutlakna” deuih.
Nu matak sajarah kuno Jawa Barat anu masih keneh gorowong teh rea nu nganggap
geus anggeus, da ditinggalkeunana ku Walanda memang dina kaayaan gorowong.
Sajarah Sunda mah boroampar bisa dipapaesan cara sajarah Majapahit.
Wangunannana acan bungkeuleukan sabab tihang-tihangna oge masangkeunana pasiksak
keneh. Lain salah para ahli nu baheula, tapi bongan urang nu taledor, ngarasa
cukup ku bahan anu can anggeus, lain digarap direngsekeun, tapi ditinggalkeun
ngarah teu pusing. Karuhan nu tadina gorowong teh antukna mah jadi parongpong,
sabab bahan anu can kaburu ditapelkeun lain nungtut diberesan, kalah hayoh
dipiceunan. Buktina cara Prasasti Gegerhanjuang anu ku Holle teu kaburu
dianggeuskeun. Aya oge anu milu memeres sabagian, tapi ngan saurang-urangna,
kitu ogenan jalmana teh urg Walanda keneh anu kacida nyaaheunana kana sajarah
jeung sastra Sunda, nyaeta C.M. Pleyte.
Hasil
panalungtikan Holle
Prasasti Gegerhanjuang teh eusina
ngan tilu jajar. Aksara jeung basana Sunda Kuno. Aksarana jentre pisan tp hese
dibacana alatan di urg mah jumlah prasasti kacida saeutikna, nepi ka hese
neangan keur bandingkeuneun. Hal ieu teh diterus-terangkeun ku Holle dina
karanganana. Mlh jajaran kadua mah hsl bacaanana teh heunteu ngahasilkeun hiji
kalimah anu pikahartieun. Ceuk Hollena ku anjeun oge, “Dina jajaran kadua mah
kuring teh hsl maca kalimah nu pikahartieun.”
Traskripsi Holle ditulis dina
cacarakan anyar. Mun seug diruntuykeun nurutkeun jajaranana mah kieu :
- //
‘bah o, guna, apuy le,
- dya?
Wwang ga bu ti saka kala ru mata
- k
di yu-yu batari hyang pun
antara komentar jeung tulisan
cacarakanana heunteu sarua. Bisa jd tulisan cacarakanana anu kaliru. Kabuktian
anu cek Holle guna dina cacarakanana mah gunale. Anu ceuk Holle apuy dina
cacarakanana mah aruy.
Hasil bacaan saheulana teh ku Holle
ditapsiran:
Jajaran kahiji: Bah mangrupa singgetan tina brahma. O mawa
ingetan kana ong (om), nyaeta bismillah urang Hindu. Guna (aksara / n / make
titik di handap) 3, apuy 3 bisa jadi dicokot tina ajaran teologi Hindu.
Maksudna triguna (n titik handap). Sateurusna, bari teu nyebutkeun heula
alesanana, dina catetan handap kaca 527, Holle nyebutkeun: Harga guna nurutkeun
candrasangkala lain pikeun bilangan 3, dina guna 3 apuy 3 kuring rek maca angka
1 nya jadi 1333.
Holle henteu nerangkeun, nu mana anu
dimaksud ku angka 1 teh jeung ti mana jolna angka 3 nu hiji deui, sbb anu puguh
aya dina salinanana mah ngan dua angka 3.
Jajaran kadua: kalawan jujur ku
Holle diaku, cenah, jajaran kadua mah taya hartina, nurutkeun hsl bacaan
sakamampu anjeunna.
Jajaran katilu: (Ma-ta)-k di yu-yu
ku batari hyang pun dihartikeunana ku Holle “nu dieusian ku Batari”.
Tina hsl bacaan Holle, tetela eusi
Prasasti Gegerhanjuang teh ukur mere gambaran anu samar2 pisan. Nya kitu deui
carana Holle ngasongkeun candrasangkala 1333 sakakala teu kaharti ti mana jol
na. Bisa jd kulantaran Holle ngagunakeun asosiasi kana triguna. Nurutkeun
sangkaan nu nulis mah pangira-ngira Holle kana angka candrasangkalana teh
kungsi ditepikeun ka Pleyte, mlh bs jd dipatotoskeun.
Koreksi
Pleyte
Secara langsung ngabahas Prasasti
Gegerhanjuang mah heunteu Pleyte teh. Tp dn tulisanana ngeunaan angka taun
Prasasti Batutulis (Bogor), kungsi nyabit-nyabit karya Holle. Pleyte tetela
sapuk kana angka 1333 ti Holle, ngan unina ceunah kuduna mah, “bah (3) guna (3)
apuy (3) dica (1).” Ari candrasangkala aturanana teh disebut ngkanam wamato
gatih (angka dibaca ti katuhu ka kenca).
Dina buku pangeling-eling Hindia
Walanda abad ka-20, aya deui tulisan Pleyte anu judulna “Archeology in west
Java.” Di dinya Pleyte ngoreksi bacaan Hole “di yu-yu”, dina jajaran katilu.
Sanajan heunteu ngajentrekeun, tp tetela Pleyte macana “disusuk” anu harita mah
dianggap hartina teh ngadegkeun. Ceuk Pleyte, Prasasti Gegerhanjuang teh
nyaritakeun diadegkeunana hiji pamujaan pikeun ngahormat batari. Teu
disebutkeun Batari naon anu dipuja, tp bs jd Durga, anu arca leutikna tina batu
kapanggih di daerah Cicalengka. Pleyte oge nyebutkeun yen eta prasasti dijeunna
taun 1333 Saka (1411 Masehi).
Koreksi ti Nu Nulis
Wkt nu nulis ieu bahasan naliti deui
prasasti Gegerhanjuang, katara Holle teh rea salah maca. Jeung anehna aya
tanda-tanda dina cacarakan anu saenyana dina aslina mah euweuh. Anu pasti bae
Prasasti Gegerhanjuang teh henteu make tanda adeg-adeg, boh adeg-adeg pamuka
boh panutup. Kabuktian Holle oge henteu nuliskeun adeg-adeg panutup dina
salinannana. Anu ku Holle disangka adeg-adeg teh saeunyana aksara biasa.
Bangunna aneh sabab adeg-adeg teh saeunyana aksara biasa. Bangunna aneh sabab
dina conto-conto aksarana anu geus kadaftar mah euweuh aksara siga kitu. Jd
kapaksa kudu dibandingkeunana teh kana aksara anu aya dina prasasti eta keneh.
Anu pang memperna ngan aya dua, nyaeta aksara pasanganana dina aksara mimiti,
jajaran kadua jeung jeung aksara katujuh jajaran katilu, nyaeta aksara ta (make
titik di handap). Anu ngagebay rada ngarileu dina ieu aksara tetela panyakra.
Jd aksara ta ku Holle disangka adeg-adeg, panyakrana kapaksa digeserkeun ka
handap dijieun aksara mimiti jajaran kadua anu ku anjeunna dibaca dya disusul
ku tanda tanya.
Aksara anu ku Holle dibaca bah
saenyana kudu dibaca ba, sabab satukangeunana euweuh tanda wisarga (sora /h/ ).
Aksara na (/n/-tititk handap) dina Prasasti Gegerhanjuang sabangun jeung aksara
le. Aksara anu dibaca /o/ kuduna /i/, ari nu dibaca wwang saenyana sta (/s/-tititk
handap). Hasil koreksi sakumna mah nurutkeun jajaranana jadi :
- traba
i gunna apuy na-
- sta
gomati sakakala nu mata-
- k
disusu(k) ku batari hyang pun
jadi ga bu ti kuduna gomati, ari di yu-yu kuduna disusu tp
kudu dibaca disusuk, lantaran sora /k/ geus karangkep dina engan ku
sapandeurieunana
Candrasangkala
Lantaran dina jajaran kahiji aya
kecap /i/ (dina) jeung dina jajaran kadua aya kecap sakakala (taun Saka) geus
barang tangtu angka candrasangkalana teh aya di antarana. Ku lantaran kitu, uni
candrasangkalana teh kudu gunna apuy nasta gomati. Gunna=3, apuy=3, nasta
(ancur, musna)=0, gomati=1. Jadi Prasasti Gegerhanjuang teh dijieunna lain dina
taun 1333 Saka ceuk pamanggih Holle jeung Pleyte, tapi taun 1033 Saka (1111
Masehi). Sakaterang nu nulis, teu aya mantram (doa) anu unina traba jeung teu
aya kecap traba anu mandiri. Nilik kana ungkara kalimahna jeung eusina anu
ngeunaan pananggalan, kecap traba teh kakara aya fungsina lamun mangrupa
akronim tanggal nayaeta singgetan trayodasi badrapada=tanggal 13 bulan
Badrapada.
Akronim kitu dina prasasti Cibadak
oge aya pikeun kecap-kecap (ngaran-ngaran) poe: Hariang, Kaliwon, jeung Radite
anu ditulisna ha-ka-ra. Tilu rupaanana di Bali mah dipake keneh. Jd dijieunna
Prasasti Gegerhanjuang teh dina tanggal 13 Badrapada taun 1033 Saka. Diitung ku
pananggalan kiwari mah piragrageunana teh sarua jeung tanggal 13 Safar taun 505
Hijriah atau tanggal 21 Agustus taun 1111 Masehi. Pananggalan dina Prasasti
Sunda mah tara lengkep. Umumna ukur nyebut taunna wungkul. Di dieu ge katara
nyebut tanggal teh heunteu dituduhkeun sukla atawa kresnapaksana. Kabiasaan
urang Sunda ti baheula dina ngitung tanggal teh memang terusan cara dina
pranatamangsa.
Tapsiran
Eusina
Kawilang henteu gampang, kudu
napsiran eusi prasasti anu ngan tilu jajar bari satengahna dipake
candrasangkala. Eusina teh singget pisan: “nu matak disusuk ku Batari Hyang”.
Sanajan teu dijentrekeun jejerna, ari kangaraning disusuk mah tangtuna ge
cinyusu atawa jalan cai. Parandene kitu, ari ngan saukur nyieun susukan biasa
mah pamohalan make kudu dicatet dina batu anu sakitu teuasna, make tanggal,
malah oge ku jelema anu gelarna Batari Hyang. Malah pamohalan batu tulisna
diteundeun di kabuyutan.
Umumna di Tatar Sunda susukan kitu
aya tumalina jeung ngocorkeun “cikahuripan”, cara Cihaliwung nu nunjang ngidul
di Bogor, sungapanana teh disebut Cikahuripan. Nu di Bogor cenah disusunna teh
ku Sang Susuktunggal alias Sang Haliwungan. Ari Susuktunggal teh ngistrenan Sri
Baduga. Ngocorkeun Cikahuripan biasana dipake nandaan ngadegna raja anyar, boh
anyar ngarana boh nuluykeun kalungguhan raja nu digantina.
Tokoh Batara dina sajarah Sunda mah
lain tokoh leuleutikan. Biasana tokoh anu nyekel kalungguhan agama tp boga
keneh hak waris karajaan. Ku lantaran kitu nyekel hak pikeun ngesahkeun
kalungguhan raja malah bisa nangtukeun saha-sahana anu kudu dijenengkeun raja.
Sempakwaja umpamana nyepeng kalungguhan batara Dangiang Guru jeung bisa
nangtukeun saha-sahana nu bisa jadi raja di Galuh jeung Saunggalah. Di Kawali
anu ngistrenan Wastu Kencana teh Bunisora anu kalungguhanana jadi Batara Guru
di Jampang. Memeh Wastu Kancana sawawa mah malah Bunisora anu jadi Wali Raja.
Ku disebutna Batari Hyang dina
Prasasti Gegerhanjuang, leuwih merenah deui lamun eusina mangrupa pangeling-eling
ngistrenan raja. Ari unikna tetela di dieu mah disebutkeun Batari. Jadi pasti
awewe. Lain kabiasaan urang Sunda (nu baheula) ngahormat-hormat awewe secara
resmi, komo make jeung nyekel kalungguhan sakitu pentingna bari diumumkeun dina
prasasti. Kaharti, mun tea mah Pleyte boga anggapan, yen Batari Hyang teh lain
manusa, lantaran euweuh dina adatna (adat Sunda). Nya ceuk Pleyte mah maksadna
teh Batari Durga.
Ingetan nu nulis, lebah dieu mah
saeunyana leuwih hade ditapsirkeun secara wajar. Nu pibasaeun nyusuk mah tangtu
jelema. Alhasil, Batari Hyang teh manusa biasa anu kalungguhanana moal bina ti
Batara Dangiang Guru atawa Batara Guru di Jampang. Memang euweuh dina adat
Sundana nempatkeun awewe dina kalungguhan sakitu luhurna. Dina lebah dieu sawangan
sajarah teh ulah ngotok ngowo di lelewek Tatar Sunda wungkul. Didieu teu
mustahil nyelip adat anu lain Sunda. Lamun prasasti anu dina sagala-galana
heunteu nyunda, tapi ngajawa wetan aya jugrugna di Cibadak, leuwih gampang deui
ayana prasasti anu nyunda tapi kaselapeun adat jawa.
Ayana adat ngahormat awewe hususna
dina kalungguhan hak waris karajaan jeung kalungguhan agama nyaeta di Jawa
Wetan. Prameswari raja geus biasa disebut Pr abu Istri atawa Batara Istri. Geus
biasa aya istri jadi raja dibarengan ku carogena, malah biasa aya jenengan
istri ditulis saheulaueun raja dina prasasti. Jadi dina Prasasti Gegerhanjuang
teh nyelip adat Jawa Wetan. Tangtu aya tumalina jeung Prasasti Cibadak.
Bandingan
jeung Sumber Sejen
Dina bahasan Sri Jayabupati, yen Jayabupati
alias Darmasiksa teh pupus di Pakuan, kinteun-kinteun dina taun 1108 Masehi.
Nurutkeun Carita Parahiyangan nu gaganti Darmasiksa teh Sang Lumahing Taman (nu
sumere di taman). Lantaran dikurebkeun di taman nu ayana di wewengkon Ciamis,
bisa dipastikeun yen dayeuh karajaan teh sapupusna Darmasiksa dipindahkeun deui
ti Pakuan. Kmn jeung Iraha?
Dina koropak 406 disebutkeun, yen
samemeh ngalih ka Pakuan, Darmasiksa ngistrenan heula Rajaputra di Saunggalah.
Tangtu Rajaputra teh anu disebut Sang Lumahing Taman dina Carita Parahiyangan.
Jadi ti Pakuan, pusat pamarentahan teh pindah deui ka Saunggalah dina taun 1111
Masehi. Darmasiksa pupus taun 1108. Aya geus tilu taun kawilang wajar, sabab
Sang Lumahing Taman tangtu sawatara waktu mah kudu aya di Pakuan. Beberes
sagala rupana kaasup milih nu pimarentaheun di dinya teh sarua jeung lilana
Darmasiksa di Pakuan nyaeta 78 atawa 79 taun. Tangtu geus sepuh deui. Jadi
rajana ge sabada Darmasiksa ngan genep taun (1111-1117 atawa 1108-1114). Apan
Sri Baduga oge anu samemeh jd Susuhunan Padjadjaran geus jumeneng Ratu Pakuan
55 taun heunteu kersaeun linggih di Kawali. Jaba ti pertimbangan rupa-rupa hal
teh tangtuna ge, ku alatan geus betah pisan. Jadi prasasti Gegerhanjuang teh
bisa ditangtukeun mangrupa pangabdian diistrenannana putra Darmasiksa
(Jayabupati) jd Susuhunan Padjadjaran di Saunggalah.
Saunggalah (imah panjang) saenyana
ngaran karaton. Dina carita Parahiyangan sakapeung disebutkeun di Kuningan,
sakapeung disebutkeun di Arile. Naha Kuningan eyeuna jeung Arile anu deukuet
Gunung Batara Guru? Hal itu perlu ditalungtik deui. Tapi dina Karopak 406
disebutkeun watesna: Hanggat, Cipalebakan alas; ti kidul watesna: Gegergadung,
Geger Handiwung, Pasir Taritih di muara Cipager Jampang. Ti Windu pepet
heuleutna: Manglayang jeung Padabeunghar. Dina bagian sejen disebutkeun, yen
Gegergadung jeung Pasir Taritih teh terusna ka hulu Cilala jeung di kulon na
Cipatujah jeung Gunung Kendeng. Nilik kana lokasina jeung ngaran-ngaran tempat
anu kuno saperti Batara, Candi, Balekambang, bisa jadi Saunggalah teh di tempat
anu ayeuna disebat Saunggede (ayeuna mah pasawahan) anu kaasup Kecamatan
Singaparna.
Saha ari Batari Hyang?
Nu geus pasti anjeuna teh istri anu
kukuh keneh nyekel adat karaton di Jawa Wetan. Lebah dieu kapaksa ngayakeun
kompromi jeung adat Sunda. Cindekna, kuduna mah mun seug di Jawa Wetan bisa
jadi raja, tapi nurutkeun adat di Sunda raja kudu bae lalaki (anu ulah aya
cacad badaniah). Jadi nasibna sarua jeung Sempakwaja, sanajan cikal teu bisa jd
raja, lantaran huntuna sempak (rohang, ompong). Ngeserna nya kana kalungguhan
Batara, lantaran istri jadi Batari Hyang. Kulantaran kitu nu pangmerenahna mah
batari Hyang teh raka istri Sang Lumahing Taman, putra cikal Darmasiksa.
Pamungkas
Ku dikeureuyeuh dikotektak mah
lumayan, prasasti anu tadina geus kateler-teler malah geus leungit tina
panggung sajarah Sunda, bisa keneh dibeberes, dipernahkeun tempatna. Ku ayana
ieu prasasti anu nyambung jaman Sri jayabupati di Cibadak, sajarah Sunda teh
ulah ngan napak di Galuh deui, di Pakuan deui, cara dina babad jeung carita
pantun. Anu puguh bae apan Saunggalah teh sajaman jeung Galuh, malah kungsi
jadi puseur pamarentahan Padjadjaran. Bisa dipastikeun ayeuna mah, yen ngeserna
puseur karajaan Kawali teh lain ti Pakuan tapi ti Saunggalah. Ti Kawali kakara
ngeser deui ka Pakuan nepi ka runtagna.
Referensi
:
Holle
, K.F (1877). Beschreven Steen uit De Afdeeling Tasikmalaya Residentie Preanger
, TBG XXIV.
Saleh
Danasasmita, Drs. 2003, Nyucruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi.
Bandung
Yoseph
Iskandar, Drs. 1997. Sejarah Jawa Barat Yuganing Rajakawasa.
Saleh
Danasasmita, Drs. 2006, Hubungan antara Sri Jayabupati dan Prasati
Gegerhanjuang. Bandung